Info

Hari Bumi adalah hari pengamatan tentang bumi yang dicanangkan setiap tahun pada tanggal 22 April dan diperingati secara internasional.[1][2] Hari Bumi dirancang untuk meningkatkan kesadaran dan apresiasi terhadap planet yang ditinggali manusia ini yaitubumi. Dicanangkan oleh Senator Amerika Serikat Gaylord Nelson pada tahun 1970 seorang pengajar lingkungan hidup. Tanggal ini bertepatan pada musim semi di Northern Hemisphere (belahan Bumi utara) dan musim gugur di belahan Bumi selatan. PBB sendiri merayakan hari Bumi pada 20 Maret sebuah tradisi yang dicanangkan aktivis perdamaian John McConnell pada tahun 1969, adalah hari dimana matahari tepat di atas khatulistiwa yang sering disebut Ekuinoks Maret.

Kini hari bumi diperingati di lebih dari 175 negara dan dikoordinasi secara global oleh Jaringan Hari Bumi (Earth Day Network).[3]

(Wikipedia)

Sabtu, 16 Juni 2012

Skygers, Pamanjat Wiwitan di Pabѐasan

“Moal aya ayeuna mun euweuh baheula (Hana nguni hana mangkѐ)”, dumasar kana hal ѐta, dina tulisan ieu, kuring moal rѐk mopohokeun lalakon jalma-jalma saacan kuring nu patula-patali jeung tѐma, nyaѐta, nyalamѐtkeun Pabѐasan-Gunung Hawu ti sawartara pihak nu rѐk (jeung enggeus)  ngaruksakna. Sautak-saeutik kuring rѐk nѐtѐlakeun lalakon maranѐhanana dina raraga nyalametkeun ieu wewengkon nu lain ngan saukur wewengkon.



Hartina, ieu wewengkon ngabogaan nilai leuwih ditingali ti sababaraha sisi. Di tingali ti sisi kasajarahan, ieu wewengkon teu bisa disapirakeun. Kacaritakeun jeung geus dumuk di sawatara jalma nu sok ngalakukeun kagiatan panjat tebing mah. Pabѐasan-Gunung Hawu teh tempat mula, panjat tebing dikeukeuhkeun jadi olahraga extreme nu aman, di Indonesia. Ogѐ, di ieu tempat, panjat tebing dikeukeuhkeun awal medalna. Ceuk beja, kagiatan panjat tebing mimiti dilakukeun di tempat ieu heula, saacan di tempat lain nu aya di Indonesia, ku Hari Suliztiarto saparakanca. Nu engkѐna tidieu, ngalahirkeun orhanisasi nu disebut Skygers.
Sekolah Panjat Tebing Skygers 25, Tebing 125 Pamucatan
Kiwari, orhanisasi nu didirikeun ku Hari Suliztiarto saparakanca ieu, ngukuhkeun diri jadi, “Sekolah Panjat Tebing Skygears”. Geus loba lulusana, ti luar Jawa ogѐ ti jero Pulau Jawa sorangan (malihan mah ti luar negeri oge rѐa nu miluan), rata-rata ngawakilan orhanisasi pencinta alamna. Tapi aya ogѐ nu henteu ngawakilan orhanisasi mamana, manѐhna ngawakilan dirina sorangan. Tepika kiwari, orhanisasi ieu tuluy focus di bidangna, nyaѐta nyalametkeun tebing alam Indonesia. Ku jalan ngamakmurkeuna, hartina ngalakukeun kagiatan di tebing alam Indonesia.

Ogѐ tepika ayeuna, tempat nu asup ka wewengkon Pabѐasan-Gunung Hawu masih kѐnѐh rѐa jadi tujuan pikeun saha baѐ nu rѐk ngalakukeun kagiatan panjat tebing atawa ngan saukur ulin-ulin sabari botram. Tapi rѐrѐana mah, ieu wewengkon di ramѐkeun ku orhanisasi-orhanisasi pencinta alam.

Jalur panjat tebingna di ieu wewengkon teh rѐa pisan, urang bisa pilih-pilih rѐk makѐ jalur mana, nu hѐsѐ atawa nu babari. Meureun ѐta nu jadi salah sahiji daya tarik saha baѐ nu rѐk ngalakukeun kagiatan panjat tebing di ieu tempat, salian pamandangan alam tebingna nu eksotis. Wewengkon tebing Pabѐasan, ilahar disebut tebing 125.
Tim Pemasang Pita Raksasa, Gn. Masigit. Dari Kiri ke Kanan; Rio Kornel, Yana Cahyana, Khudlori Karn, Reza, Wawan  Kole, Hasan Husaeri
Teu sabatas ti kelompok-kelompok pencinta alam nu ngamakmur-ngamanfaatkeun tebing 125 di kawasan Pabѐasan-Gunung Hawu ieu. TNI (Kopasus) ogѐ ngamanfaatkeun tebing ieu pikeun maranѐhna latihan, biasana nu jadi instruktur nyokot ti budak Skygers.

Sidik kopasus mah ngahaja ku Skygers digaet. Di tebing 125 belah kulonen jalur hendro aya plang badag, nu dina ѐta plang aya sababaraha logo diantarana logo Kopasus. Tuluy dihareupeun saung semi permanen di belah handap tebing 125, aya plang badag nu isina tulisan ‘KOPASUS’, badag pisan.

Di mana mendi di sababaraha titik aya logo kopasus, fungsina pikeun nyingsieunan kaom kapitalis nu sok nambangan batu, sangkan maranѐhna mikir-mikir deui mun rѐk ngajarah batu tempat pangulinan barudak leuweung, nu beukina manjat ieu tebing. “Gening barudak leuweung teh didѐkѐngan ku Kopasus (nyaeta salah sahiji divisi di jero TNI nu boga sima jeung kakuatan sabab dilatihna ge ngagunakeun metoda khusus katangtaraan)”, kitu mereun sahenteuna pipikir kaom kapitalis mun aya saeutik niatan ngajarah batu tempat pangulinan barudak leuweung ieu.

Kiwari nu sakaapal kuring, Skygers nyieun selter(saung) di puncak Pabѐasan. Fungsina pikeun saha wae nu rѐk istirahat atawa niis. Selter ѐta ogѐ, dijieun sangkan kaom kapitalis nu sok nambangan batu tepika bubuk-bukna diangkut, teu wani-wani ngajarah di sabudeureun batu puncak Pabѐasan ѐta.

Isuk jeung pagѐto ti poѐ ayeuna, tegesna mah kaping 21-22 April 2011 M, insyaalloh Skygers baris ilu biung dina raraga ngareuah-reuah hari bumi nu diayakeun ku Forum Pemuda Peduli Karst Citatah (FP2KC). Mѐrѐ gorowok ka sawatara jalma nu bisa ngadengѐ, yѐn ieu kawasan kudu dimakmurkeun, dimumulѐ sangkan teu samanѐa ku kaom kapitalis diburak-barik.


*Salah sahiji catetan panggiring saacan acara Hari Bumi nu diayakeun ku ‘Forum Pemuda Peduli Karst Citatah (FP2KC)’. Acarana baris dilaksanakeun kaping 21-22 April 2011 M.

Yoga ZaraAndritra , April 2011 



Tidak ada komentar:

Posting Komentar