Info

Hari Bumi adalah hari pengamatan tentang bumi yang dicanangkan setiap tahun pada tanggal 22 April dan diperingati secara internasional.[1][2] Hari Bumi dirancang untuk meningkatkan kesadaran dan apresiasi terhadap planet yang ditinggali manusia ini yaitubumi. Dicanangkan oleh Senator Amerika Serikat Gaylord Nelson pada tahun 1970 seorang pengajar lingkungan hidup. Tanggal ini bertepatan pada musim semi di Northern Hemisphere (belahan Bumi utara) dan musim gugur di belahan Bumi selatan. PBB sendiri merayakan hari Bumi pada 20 Maret sebuah tradisi yang dicanangkan aktivis perdamaian John McConnell pada tahun 1969, adalah hari dimana matahari tepat di atas khatulistiwa yang sering disebut Ekuinoks Maret.

Kini hari bumi diperingati di lebih dari 175 negara dan dikoordinasi secara global oleh Jaringan Hari Bumi (Earth Day Network).[3]

(Wikipedia)

Sabtu, 22 September 2012

Masarakat Non Tambang, Solusina

Sanggeus nenjo/mencrong tuluy laku lampah masarakat nu aya di sabudeureun Karst Citatah, kuring boga kasimpulan yen masalah Karst Citatah lain ngan wungkul masalah regulasi atawa masalah pajabat Bandung Barat nu ruksak (korup) nu antukna ngaluyuan naon-naon bae pasikepan pangusaha ngeunaan pentingna ngabukbak Karst tepika rata jeung taneuh sabab nguntungkeun sacara ekonomi. Tapi oge masalah cultur masyarakatna.

Kalolobaan masarakat didinya can wani jeung poho ngajejerkeun gunung minangka soko/panyangga kahirupan. Jajauhaneun ngajaga jeung ngariksa gunung (baca: Karst) mah, masarakat didinya ngadon ngaruksak gunung. Ieu dumasar kana hiji-hijina ajen nu diagem, nyaeta ajen ekonomi dina nenjo gunung, parahna artikulasi tina ajen ieu nyaeta dieksploitasina material gunung. Sabab dipandangna ngan kucara kitu gunung baris nguntungkeun, salian ti cara eta, gunung moal nguntungkeun. Jadi maranehna poho tugasna salaku Khalifatul Ardh nu ku Gusti di titipan ieu Bumi katut isina sangkan dijaga jeung diriksa.

Tata pikir ciga kieu tangtu ngabahayakeun eksistensi Karst, nu ngabogaan fungsi jadi panyoko kahirupan (sato, tatangkalan, jeung manusa eta sorangan). Sanajan sacara eces tur jentre kuring can apal naon-naon bae fungsi gunung, kuring yakin, nalika gunung dibukbak jeung diruksak baris nimbulkeun mangpirang-pirang bahaya. Misalna banjir, gempa bumi jeung longsor. Ku para ahli geus disebut yen Karst teh boga fungsi salaku tengki alam, lamun tengki alam ieu ruksak atawa leungit rek ditampung di mana ieu cai nalika usum hujan?  Can akibat-akibat nu liyana nu ku kuring teu dipikaapal.

Tata Pikir nu mandang yen gunung bisa mangpaat nalika di eksploitasi, geus ngadominasi pamahaman warga sabudeureun Karst Citatah. Dominasi pamahaman ciga kieu kaleuwih-leuwih dipangjejer ku ayana mesin produksi (kapital) nu dipiboga ku pabrik-pabrik batu di Kawasan Karst Citatah. Beuki anteb wae jeung beuki hese wae ngabongkar pamadegan ciga kitu di masarakatna.

Katambah di widang regulasi, upaya nyalametkeun Karst can wae manggih titik caang. Pangna, nu dipentingkeun ku pajabat Bandung Barat nyaeta kapentingan jangka pondok. Nu penting mah meunang PAD (Pendapatan Asli Daerah) badag ti wilayah tambang, mangka Karst bebas rek dikukumaha wae ge. Geus kitu pajabatna, korup katotolonjong, saha atuh nu bisa diharepkeun pikeun ngomean ieu kawasan?

Hayu urang tenjo wakil rakyat. Misalna dina hal ieu nyaeta Komisi C nu ngagem tugas ngajaga jeung ngariksa lingkungan hirup. Atuh ieu ge gening sarua, sapanenjo kuring Komisi C DPRD Kab. Bandung Barat, nu diwakilan ku Syamsul Ma’arif gening teu soson-soson dina mereskeun masalah Karst ieu. Da niatna meureun lain rek mereskeun pasoalan dibukbakna karst, tapi ngan wungkul ngaraup simpati masarakat nu pro karst lestari dina raraga ngagalang sora kahareupna. Pencitraan tea ieu teh ngarana. Saacana aya ti Partei Golkar, kuring poho deui ngarana, manehna ciga nu enya mihak ka masarakat nu pro Wewengkon Karst Lestari. Kanyataana mah anger we bolay, padahal manehna geus make iket sunda, geus ngomong sunda sacara genah tur tumaninah, nanging eta gening saenyana sarua we dina raraga pencitraan.

Sajauh ieu kuring nyokot kasimpulan, di lingkung eksekutif boh di lingkung legislative sarua euweuh nu bisa diharepkeun. Maranehna masih keneh ka bongroy ku duit jeung ku sora keur engke pamilu jaga. Nya meureun cigana, pamadegan Hubermas dina hal ieu jadi relevan. Ceuk manehna, nyaeta keur ngimbangan struktur nagara nu korup/ kudu aya nu ngontrol nagara, urang salaku warga nu sadar kana hal ieu kudu nguatkeun sateker kebek, masarakat sipil, tangtu nu kaorganisir. Mun teu kaorganisir anger we nihil, loba jalma nu sadar pentingna ngajaga jeung ngomean Karst nanging teu kaorganisir, sarua we jeung bohong, teu ari-ari, moal ngarubah nanaon, kitu deui kitu deui jadi panongton/ ngan ukur bisa jadi saksi gunung diancurleburkeun.

Atuh dumasar kana hal eta, urang kudu ngajejegkeun, ngadorong jeung nyokong hiji masarakat nu ngagem ajen ekonomi nu carana teu ngaruksak alam (tangtu kudu diorganisir). Tangtu saha bae bakal nyatujuan, masarakat model kieu teh keur wewengkon Karst Citatah mah nyaeta masarakat nu ngagantungkeun ekonomina kana giat usaha tani atawa ngebon. 

Kuring nyutat pamadegan Hubermas di luhur lain maksud rek sacara apriori teu percaya ka lembaga-lembaga nagara nu aya, tapi rek ngajejerkeun hiji pola perjuangan nu kudu diawalan ti handap teu ngawang di luhur. Maksudna, riak usaha ngeureunan dominasi makna yen ekonomi masarakat Karst Citatah  hiji-hijina tina nambang batu teh teu cukup ku mere nyaho ku jalan ceramah, atawa ku upaya-upaya penyadaran liyana. Tapi kudu ku langkah konkrit nyaeta nyokong masarakat non tambang, nu ngagantungkeun ekonomina kana ngebon jeung tani.

Misalna, ngadorong pangusaha-pangusaha ngora sangkan ngagencarkeun usaha mikro nyieun produk-produk olahan tina hasil tani masarakat non tambang nu aya di Karst Citatah. Atawa ku jalan nyieun sarana-sarana pariwisata nu berbasis masarakat jeung alam, jeung sajabana-jeung sajabana.

Sampe kadieu, urang kudu bisa misahkeun mana alat produksi, mana teknologi, mana kabijakan, mana pagawean nu nyokong diruksakna Karst jeung mana nu henteu. Naha bet kudu? Sabab eta kabeh geus sacara sadar tur teu sadar ngondisikeun mindset warga masarakat Wewengkon Karst Citatah. Ku lantaran basis produksi nu pro diruksakna gunung nu geus leuwih anteb aya di Wewengkon Karst Citatah, mangka nu terjadi nyaeta Dominasi makna nu nyatakeun gunung baris bisa mangpaat nalika diruksak. Dominasi makna ieu (yen ekonomi masarakat Karst Citatah  hiji-hijina tina nambang batu) bakal hese dibongkar lamun teu diawalan kuanalisis milah-milah mana basis produksi nu pro gunung ruksak jeung mana nu henteu. Salila ieu urang teu sadar, pasoalan diruksakna sabagian gede Karst Citatah nyaeta miboga motif ekonomi. Rek sateker kebek ngarubah regulasi di pamarentahan atawa rek sateker kebek ngomongkeun tafsir agama nu pro lingkungan hirup ge ari basis produksina nu pro gunung ruksak anger kuat mah, kayaan baris tetep kitu, gunung tetep dibukbak tepika beak jeung ancur lebur. Mangka, ceuk panenjo kuring, solusina nyaeta kuatkeun basis produksi nu pro Karst Lestari, dina hal ieu nyaeta basis produksi nu patula-patali jeung usaha tani sarta ngebon.


9/19/2012
Yoga ZaraAndritra

Tidak ada komentar:

Posting Komentar